10 Contoh Pidato Bahasa Sunda tentang Pernikahan

Posted on

Pidato Bahasa Sunda tentang Pernikahan – Apakah saat ini kalian sedang mencari contoh teks dan referensi pidato tentang pernikahan dengan bahasa sunda? Tenang. Pada kesempatan kali ini kami akan memberikan contoh lengkap yang bisa kalian gunakan sebagai persiapan. 

Bagi anda yang asli orang sunda, pastinya banyak yang membutuhkan referensi teks pidato bagi anda yang akan berpidao. Nah diartikel kali ini kami akan memberikan contohnya tentang pernikahan.

Contoh Pidato Bahasa Sunda tentang Pernikahan

Silahkan pilah dan pilih sesuai dengan keinginan kalian yang kalian anggap mudah dan menurut kalian cocok.

[ CONTOH 1 ]

Contoh Teks Pidato Bahasa Sunda tentang Pernikahan

Assalamualaikum wr, wb..

Puji anu jadi pangais ati, Puja anu jadi panghias rasa, Puji urang sungkeun ka Gusti nu maha suci nyaéta Alloh Robbul Izzati, puja urang sanggakeun kanu maha kawasa nyaéta Alloh Azza Wazalla, anu mana nitih wanci anu mustari ninggang dina mangsa anu lugina.

Taqdir teu tiasa dipungkir, Qadar teu tiasa di singular urang sadayana dina dinten ayeuna tiasa riung mungpulung patepung lawung paamprok jenghok, pateupang raray dina haflah mubarokah nu mudah-mudahan tina ieu riungan sing di janteunkeun ku Alloh, sing dicatetkeun dina hiji kasaéan engkin di yaumal Qiyamah. Amiin ya Alloh ya robbal ‘Alamin..

Teu hilap solawat sinareng salam ogé mugia sing dikocorkeun, dikucurkeun, di kécérkeun ka jungjunan urang sadayana anu pang nyongcolangna sa-alam dunya nyaéta Nabiyana Muhammad SAW. katut ka kulawargina, sohabatna tabi’in sareng tabi’atna tur dugi ka urang sadayana anu hadir dina ieu tempat mugi-mugi kenging syafa’atna engkin di yaumal Qiyamah. Amiin ya Alloh ya robbal ‘Alamin..

Para hadirin nu di Rahmatan ku Allah SWT..

Sateuacan simkuring ngabahas masalah anu aya patula-patali, pakuat-pakait dugika pajeujeutna jeng masalah nikah, mangga urang leuyeupan heula dauhan Alloh dina al-Qur’an anu unggelna :

وخلقنكم ازواجا

(Jeung geus nyiptakeun kami ka maranéh kabéh barina sa jodo-sajodo)

Tegésna mah aya langit aya bumi, aya beurang aya peuting, aya caang aya poék, aya jangkung aya pendék, aya mancung aya pésék, nya kitu deui aya lalaki aya awéwé. Intina mah Alloh nyiptakeun ka mahlukna téh pasang-pasangan, dua-duaan.

Malah mah lamun urang tela’ah, organ tubuh urang ogé namina téh dua-duaan. Anu pang handapna namina ku…ku.. naék kaluhur namina ping…ping, tatanggana ping-ping namina tit…tit naék deui ka luhur namina da…da…, tatanggana da-da namina su..su… luhureuna namina tak…tak… naék deui ka luhur namina pi…pi… tah ieu nu terahir (bari nunjuk kana tarang) namina nong…nong.. jadi atu tétéla pisan yén Alloh nyiptakeun makhlukna téh sajodo-sajodo, pasang-pasangan, dua-dua, dugi ka nami-namina.

Hadirin rohimakumulloh…!

Lamun urang ngabahas nikah minimalna bakal aya opat patarosan, nyaéta:

Naon ngaran nikah..?

2. Saha anu kudu nikah..?

3. Kasaha kudu nikah..?

4. Naon baé langkah-langkah saba’da nikah…?

Maka dina ieu pangaosan, ku simkuring dibagi jadi opat babak nu henteu bersambung..

Babak nu ka hiji : Naon ari ngaran nikah? jawab : Anu ngarana nikah téh mun ceuk bahasa santri mah ta’rif nikah mun ceuk nu sakola mah definisi nikah ieu di bagi dua :

Sacara Ethimologi (lughowi)

2. Sacara Terminologi (istilah)

Para hadirin sadayana.. Nikah sacara Lughowi tos ka uninga ku sadayana dina kitab-kitab fiqih nyaéta :

الاجتماع

(Kadar-kadar kumpul)

Ngaran nikah sacara istilah nyaéta : (فتح المعين : جلد ٣) Tapi saur pamuda mah nikah téh singkatan tina Nun (Ni’mat) Kaf (Karasa) Ha (Haneut). Jadi nikah téh singkatan tina ni’mat karasa haneut.

Tapi saur sepuhmah : Nun (Ni’mat)… kitu ogé ceunah… ceuk bapana budak. Da anu sing jarentul di dieu ogé hasilna tina nikmatna nikah, da niat mah lain nyieun anak tapi nyieun énak. Lereus teu?!”

Sakumaha ceuk Qo’idah :

نعمة الدنياثلاثة فلتعتبر * لمس وقبلة وادخال الذّكر

(Nikmat dunya sadayana aya tilu nyaéta, nyabak nyieun ngasupkeun anu ngabeuntelu “)

Tapi éta nikmat nikah téh ngan dua rebo, kadituna mah dedeieun. Saba’da ni’mat timbul nu kadua nyaéta Kaf (Karohah) hartosna pikangewaeun, pikasebeleun da ningali pamajikan reuseup sotéh keur pangantén anyar, ningali pamajikan téh jiga Shopia Laurent, jiga Lidia Kandau, jiga Krisdayanti.

Tapi lamun geus bereset budak tilu beulas mah, komo lamun ker gendut, ningali pamajikan jiga buntelan, keur pangantén anyar mah ningali pamajikan téh di teuteup ti hareup sieup, disawang titukang kenjang ditilik ti gigir leunggik, tapi geus bereset budak tilu belas mah béda deui bahasana.

Di teuteup ti hareup jiga keyeup, disawang ti tukang jiga hurang, ditilik ti gigir jiga langgir di ukur ti luhur jiga undur-undur, diragap tihandap jiga hap-hap, tah ieu anu disebut Karohah téh tegesna pikangewaeun.

Salajeungna timbul nu katilu nyaéta: (Ha) ieu mah aya dua alternatif. Lamun nyanghareupan Karohah lulus, maka (Ha) na téh hasanah teugeusna kaluarga anu Mawadah Warohmah tur Sakinah (keluarga anu didasaran ku cinta jeng kasih sayang).

Baca Juga :  Pidato Singkat Tentang Pendidikan

Tapi lamun nyanghareupan Karophah hanteu lulus, mangka Ha-na téh Hazanah (kaluarga nu awét rajét) anu didasaran kurasa egois jeung emosi. Mudah-mudahan ieu pangantén sing kalebeut keluwarga anu Mawadah Warohmah. Amiiin…!

Para hadirin, nu simkuring dipikahormat.. Babak anu kadua, nyaéta saha anu kudu nikah téh? Waléranana pidawuh rosul :

“wahai para pemuda …sing saha jalma anu geus sanggup di antara anjeun kabéh kana méré nafkah (dzohir batin) mangka pék geura nikah”

Dina ieu hadist, rosul masihan terang ka para pemuda, anu geus asup masa puber. Mun ceuk bahasa indiana mah beuger, éta mah rek si fery, si frengki, si jacky, kecuali aki-aki, anu geus sanggup nganafkahan dzohir jeng batin tegesna mah geus bisa maraban biwir luhur jeung handap mangka pék geura narikah.

Atuh pemuda anu ngan saukur boga buuk gondrong nu gawéna ukur nongkrong, bujal bodong nu hobi nampang tapi jajan ngahutang, éta mah teu acan ka leubeut hadist rosul anu bieu nya…?!

Babak katilu nyaéta: Ka saha kudu nikah téh? Walérannana nyaéta pidawuh Allah dina Al-Qur’an.

فانكحوا ماطاب اكم

(Mangka kudu narikah maranéh kabéh ka nu di pikacinta ku maranéh kabéh)

Dina ieu ayat, Alloh maréntah nikah téh kanu di pikacinta lain kanu geulis, lamun Alloh maréntah nikah kanu geulis, maka awéwé anu peunteun 3 satengah keur saha? jeung lamun Alloh maréntah nikah kudu kanu kasép simkuring saha layanna?

Tapi kudu ku urang terang, anu di maksud kanu geulis didieu téh lain geulis ceuk si Mamat, anu di ukur ku syahwat, tapi geulis mungguh agamana nyaéta anu dan.. din.. dun.. (pinteur dan-dan) din (alus agamana) dun (alus dunyana).

Jadi lain anu anu dat.. dit.. dut.. (goréng adat) dit (pedit) dut (siga badut samutut bari jeung hitut) ngan éta anu dan.. din.. dun.. téh langka pisan di jaman kiwari mah, tapi euweuh-euweuh teing mah teu kudu hésé, nu penting mah bageur, pinter, beunghar, keun baé geulis ogé!

Babak anu ka opat nyaéta: Naon baé langkah-langkah saba’da nikah? waléran nana dawuaha Alloh dina Al-Qur’an :

وعا سروهنّ بامعروف

(Perlakukeun istri-istri maranéh kabéh kalawan hadé)

Tegesna mah salaki kudu bisa memperlakukeun istrina kalawan alus, atuh salaki téh kudu apal kana hak jeung kawajiban nana, anu mana kawajibanna téh ngan aya opat :

Ngimahan sing pageuh

2. Makéan anu weuteuh

3. Maraban sing nepi ka seubeuh

4. Ngéndongan sing nepika reuneuh

Nya kitu deui, Istri sing apal kana hak jeung kawajibanna. Anu mana kawajibanana téh sami aya opat diantarana nyaéta masak, diwedak, nangkarak, ngadengkak.

Tah insya Alloh, upami duanana tiasa ngalaksanakeun kana tugas jeung kawajibana, bakal ka wujud kaluarga anu Mawadah Warohmah tur Sakinah nyaéta kaluarga anu bahagia, kaluarga anu didasaran ku cinta sareng kasih sayang.

Cindekna mah ka cai jadi saleuwi, ka darat jadi salogak, ka cai daraek ngaji, ka darat daraek sholat. Se-ia se-kata, se-iring sejalan, runtut raut sauyunan dugika paketrok iteuk, malahmah dugi ka poé Qiyamah.

Para hadirin sakantenan…

Supaya ieu dua mempelai téh tetep renggenek dina sakinah Mawadah Warohmah, sim kuring pesen :

Sing yakin, ieu jodo téh taqdir Alloh SWT, ti anyar pinanggih ti barang saratus dua puluh dinten, anjeun aya dina patuangan ibu ku Alloh parantos di pastikeun yén jodo jang.. (ngaran pangantén lalaki) bakal nikah ka neng… (Ngaran pangantén awéwé) Sing yakin dina haté supaya urang bisa tumarima kana kapastian Alloh.

Kudu husnudzon (hadé sangka ka Alloh), malah mah ku jodo nu ieu, urang bakal pinanggih jeung kabagjaan hirup, ku jodo anu ieu urang bakal nyieun wasilah pikeun ngahontal Mardlotillah.

Ieu aqad tikah téh sing jadi pertikahan anu pertama jeung anu terakhir, tegesna panungtungan mangsa bobogohan, ti kawit ayeuna anjeun dua’an lebet kana alam rimbitan, alam rumah tangga anu dibengkeut ku SSTB (Surat Tanda Tamat Bobogohan) sa ba’da nikah mah kudu bogoh enya’an.

Ku aqad tikah, indung bapa urang jadi nambahan nyaéta mitoha, dulur, lanceuk, adi, jeung anu liana.

Ku aqad tikah ogé ngajadikeun sarana pikeun ibadah ka Alloh, ngabakti ka Alloh Ta’ala.

Para hadirin sakantenan, nu ku simkuring pihormat..

Rupina cekap sakitu baé cariosan ti simkuring, kirang langkungna mah nyuhukeun dihapunteun, bobot sapanon carang sa pakan sasieureun sabeunyeuren.

Mugi-mugi dina khutbah basa sunda ieu aya mangpaatna ka urang sadaya, anu terakhir ieu pangantén urang du’a keun ku sadayana supaya “Sakinah Mawaddah Wa Rahmah”. Amin..!

Wassalamualaikum wr, wb.

[ CONTOH 2 ]

Assalamu’alaikum warrohmatulloh Wabarokatuh

الْحَمْدُ ِللهِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ وَالصَّلاَةُ وَالسَّلاَمُ عَلَى أَشْرَفِ اْلأَنْبِيَاءِ وَالْمُرْسَلِيْنَ وَعَلَى اَلِهِ وَصَحْبِهِ أَجْمَعِيْنَ أَمَّا بَعْدُ

Alhamdulillahirobil’alamin was sholatu was sallamu ‘ala asyrofil anbiya’i wal mursalin wa’ala alihi wasohbihi ajma’in, amma ba’du.


Puji kagungan nu maha suci, urang sanggakeun kanu kagungana Alloh SWT. Alhamdulillah ku kersaning mantena urang tiasa kumpul ngariung ayeuna di ieu patempatan.

Kalayan mugia urang sadaya kasinugrahan rohmah, barokah sinareng maghfiroh-Na, Amin ya robbal ‘alamin.

Salam sinareng sholawat mugia salawasna dipaparinkeun kajungjunan urang anu mulya. Ka Habibana Nabiyana Muhammad SAW.

Kasadayana kulawargana, ka para sahabatna, ka tabi’in tabi’ut tabi’ina, Kalayan mugia urang sadaya kénging syafaatna engké di-yaumil akhir, Amin ya robbal ‘alamin.

Sateuacana simkuring mitutur ku saur nyarita ku basa, neda disihapunten tina samudaya kalepatan. Bilih aya basa anu kirang merenah kana manah wargi sadayana.

Ogé neda widi kasadayana wargi hususna ka sesepuh calon pangantén istri miwah kulawargina. Ka para alim ulama, ustaz-ustazah, bapa ketua RW sinareng jajarana.

Teu hilap hatur nuhun ka panata acara anu parantos maparinan waktos kanggo cumarios ka simkuring dina ieu waktos..

Dina kiwari wanci anu mustari mugia nincak kana mangsa anu sampurna. Simkuring ngadeg di ieu patempatan kapeto ku Bapa…. (Sebutkan nama Bapak calon pengantin pria) sinareng Ibu…..(Sebutkan nama Ibu calon pengatin pria).

Anu kawit ti… (Sebutkan daerah/tempat asal calon pengantin pria). Insyaalloh badé nyumponan pasini jangji anu kantos saati, mayar kedal carita waktos baheula.

Mangsa munggaran patepangna antawis Cép… (Sebutkan nama calon pengantin pria) sareng Néng…(Sebutkan nama calon pengantin wanita).

Mugia dinten ieu sing janten waktos anu lugina diwuwuh ku rido manah wening galih Ibu Ramana calon pangantén istri kanggo ngadahupkeun aranjeuna.

Namung sateuacana simkuring asmana kulawargi calon pangantén pameget hususna ibu ramana, neda disihapunten tina sagalarupina.

Wiréhna ti…. (Sebutkan daerah asal tempat tinggal) indit ngaligincing datang ngagandeuang. Teu jingjing teu bawa saur paripaosna. Anu dicandak mung saaya-aya utamina nyandak jinisna calon pangantén pamegetna.

Anu dipalar mugia sing aya dina kajembaran manah sadayana, ogé kersa nampi kana sagala rupina anu sakieu buktosna.

Hususna simkuring asmana ibu-ramana calon pangantén pameget, badé nyanggakeun jinisna. Anu éstuning sepi ku harti suda ku pangabisa komo ku hartana.

Anu aya mung pangrojong disarengan ngantengna du’a ti ibu-ramana ogé parawargina. Mugia lungsur langsar sagala rupina disarengan ridho Alloh SWT, Amin ya robbal ‘alamin.

Mung sakitu anu kapihatur nu ku simkuring tiasa didugikeun, bilih aya catur anu teu ka ukur aya pasalia basa nu teu kahaja.

Mugia wargi sadayana kersa ngahapunten, sayaktosna jalmi teu aya anu sampurna. Sampurna mung kagungan Alloh SWT.

*(Ulah heureuy ah ieu mah sugan conto pidato rada sarieus sareng ringkes bilih kabujeng lapar 😁).

*Mangga tutup ku Du’a.

Baarakallaahu laka,wa baaraka ‘alaika,wa jama’a baynakumaa fii khair.

Rabbana atina fid-dunya hasanatan wa fil ‘akhirati hasanatan waqina ‘adhaban-nar. Wallahul muwaafiq ilaa aqwamit thariq.

Wassalamu’alaikum Warrohmatuloh Wabarokatuh

[ CONTOH 3 ]

Contoh Teks MC Bahasa Sunda Acara Pernikahan 

السلام عليكم ورحمة الله وبركاته

الحمدلله الذي احل النكاح وندب اليه وحرم السفاح ووعد عليه اشهد ان لااله الاالله وحده لاشريك لهو واشهد ان محمدا عبده ورسوله اللهم فصل علي سيدنامحمد وعلي ال سيدنا محمد وصحبه كرام البرره امابعد

Sugrianing puji hayu urang sanggakeun ka dzat anu maha agung Allah Azza wajalla, sholawat kalih kasalametan hayu urang sanggakeun ka junjunan ‘Alam kanjeng Nabi anu linuhung tur agung, Habibana wanabiyyana Muhammad SAW. 

Katut ka Kulawargina, para sahabatna tug dugi ka urang samudayana anu ngaku janten ummat mantena Amin.

Para sepuh anu linuhung, para pupuhu papayung ieu nagri, para tamu anu gararinding, hadirin kadang mitra samudayana nu teu tiasa diwincik hiji-hijina, pribados atas nami kulawarga Bapa (………….…) sareng ibu (……………) ngaraos bingah amar watasuta pareng disumpingan ku palawargi samudayana.

Dina acara nemrakkeun kabingah nyaeta Seja Walimatul ‘Urusy anu janten putrana anu jenenganna (…) anu maksad bade di dahupkeun ka teh (…) dina danget ieu, ananging pamugi palawargi ageung tawakufna saupamina tinangtos panampian tatamu tebih tina nyugemaken, sakieu ayana, hapunten sakali deui hapunten.

Cunduk waktu nu rahayu ninggang mangsa nu utama, malati ligar na ati, campaka mangkak na dada, kembang tanjung nu gumulung, sumangga acara dipitembeyan. Lalangse panyana hate, mapag balebat dibeulah wetan, rek ngembat taya simpangan, namung memeh kebat nya lumampah pribados anu kapapancenan janten panungtun ieu acara seja ngawincik rentetan acara anu bade dipedar, nyaeta

1. Seja Bubuka anu awal ku aosan basmallah, sabab saur katerangan ngadawuhkeun

كل امر ذي بال لا يبدء باالبسمله فهو اقطع او اجدم

Anu pihartoseunana kirang langkung satiap perkara anu teu dikawitan ku maos Basmallah maka eta perkara teh pegat tina rohmat Alloh, atanapi moal sampurna, kumargi sakitu hayu urang sami-sami aoskeun ayat basmalllah sasarengan..

Hadirin kadang mulya sadayana! Mun balayar tanpa kamudi, Palang siang katambias, Mun hirup Tanpa kendali Palang siang bakal sasab, Poekeun jalan, leungiteun udagan, ngan bagja keur sakumna umat islam hirup teh boga pedoman, biktosna kitab suci al Qur’an.

Bisi leumpang pareng sasab mun balayar pareng katambias, rampang reumpeung poekeun jalan sorangan, sangkan manah jadi caang, guligah ku katengtreman kalayan maksad ibadah, sumangga urang sami-sami dangukeun aosan ayat suci al-qur’an anu bade digalindeungkeun ku saderek (…), simangga anu kapapancenan dihaturanan.

Panganteur nganuhunkeun..

Galindengna kalam ilahi mapaler hate nu cape,ngupahan manah nu susah, rembes nembus kana sanubari, sumarambah kana bayah, sumeleket kana hate, nyaliara minuhan awak, sok komo upami ngartos maknana, cacak dirarampa oge geuning nikmaaat karaosna. Dedeul du’a, mugia ageng manfaatna husus kanu ngaosna, oge walatra ka urang sdayana, Amin.

2. Seren sumeren bakal panganten, dikawitan ku nyerenkeun bakal panganten pameget.

Selenting bawaning angin, kolepat bawaning kilat, manggih beja, aya jajaka rek nyaba, rek nyusul jangji pasini, rek ngaguar subaya nu katunda, brul ngagimbung, bral ngarantay, legeudeut aleutanana, kalayang kalakay ragrag.

Gurat badag pasejaan para tamu tos kateguh, namung wincikan pangeusi galih, guaran kandungan manah, eta mah tacan katorah, geusan ngabejer beaskennana sumangga wawakil ti para tamu dihaturanan tandang makalangan.

3. Panampian calon  Panganten pameget ku atas nami kasepuhan panganten istri.

Dulur- dulur anu sami hadir ! sakitu pisaur sepuh, wawakil ti para tamu, diguar paragat nemrak, sihoreng simana horeng, keuna kana paripaos, hayam kasintu, seja ngambil tuangputra purah nutu, purah nyangu, purah ngasakan baligo, purah calik dina lampit, purah tunggu imah gede, kitu na teh bari nyekel tutungkusan.

Gunung luhur aya tutugan ku jangkungna. Sagara mayakpak lir tanpa tepi ku legana. Bawiraos ka bingah pribimi mah langkung tikitu. Giliran nu kasumpingan, enggal geura bageakeun wae, ka saderek (…) anu kapapancenan dihaturanan kapayun.

Lajeng seren sumeren Simbolik..

Guar pasejaan paragat nemrak, panampian kakuping jentre, namung, naon nu kasanggakeun, sareng nu katampi nembe babasaan, taeis tampan tinampan ti dua pihak, seren sumeren simbolik, sumangga cacandakan nu bade kadugikeun di ka payunkeun, oge wawakil tatamu sareng wawakil pribumi anu bade seren sumeren, mangga majeng kapayun..

4. Acara pokok/Inti Akad Nikah

Malati ligar na ati, campaka mangkak na dada. Hate ratug tutunggulan, mareng cinta jeung cita rek diamprokeun, panganten pameget wasta…….., nu kasep. ka panganten istri watana… nu geulis. Mun kamari kungsi aya carita, antara dua waruga aa jeung teteh nu wayahna katunda heula samemeh masing-masing boha tihang geusan pamuntangan.

Basa jalan sisimpangan geus ngabulungbung, aa mah mengkol ka kenca, si teteh mah mereun kakatuhu. Udagan tunda na dada. Aa sareng teteh kiwari jalan teh tepung ngahiji deui, prak bageur geura leumpang babarengan, mapay jalan nu ngembat taya simpangan.

Para hadirin sadaya !! Aya manggah manjing asak, ditotog lebah gagangna, puguh we aya jalan komo meuntas, mobok Mnggih gorowong, ku urang sami kasakseni, yen sepuh dua pihak sami ikrar, manah rumojong kana kahoyong para putra/i na, manjing kana sisindiran :

Batu turun keusik naek itu purun abdi ge daek. Ieu wayang itu wayang, wayangna wayang arjuna, itu hayang ieu hayang, hayangna kabina-bina. Keur mungkas carita lagas, lalkon waktu rumaja, jog anjlog kadunya anyar, duh ieung laksana kabale nyungcung, gapuraning rumah tangga, bakal sasalimpetan sareng susulumputan. Kantun rukun nu utami, nyatana AKAD NIKAH nu dia nati, ka patugas KUA nyakitu ka bapa Amilna, dihaturanan ngagarap hancenganana.

Panganteu Du’a

Runtuyan saur piwuruk, ranggeuyan fatwa piwejang, ngagalindeng matak nineung, keur obor dimana poek, keur iteuk dimana leueur, batur ledeung waktu keueung, batur bungah mangsa susah, paragi nyaliksik diri, ngarampa jeung maca awak, hatur sewu nuhun ka pangersa….., Muga ageung manfaatna, amin ya robbal alamin.

Giliran nu panungtungan acara, urang lekasan, geura panteng mapat do’a. Minajat kanu kawasa, minangka jajap panganten, rek nuju bahtera rumah tangga, geusan pinanggih jeung kabagjaan, kanggo nyesepuhan du’a, di suhunkeun ridho galihna ka pangersa………..

Panutup:

Tutug Rampung tuntas paragat, magga urang sami-sami rampak ngaos HAMDALLAH……

[ CONTOH 4 ]

Assalamualaikum wr, wb..

Puji anu jadi pangais ati, Puja anu jadi panghias rasa, Puji urang sungkeun ka Gusti nu maha suci nyaéta Alloh Robbul Izzati, puja urang sanggakeun kanu maha kawasa nyaéta Alloh Azza Wazalla, anu mana nitih wanci anu mustari ninggang dina mangsa anu lugina.

Taqdir teu tiasa dipungkir, Qadar teu tiasa di singular urang sadayana dina dinten ayeuna tiasa riung mungpulung patepung lawung paamprok jenghok, pateupang raray dina haflah mubarokah nu mudah-mudahan tina ieu riungan sing di janteunkeun ku Alloh, sing dicatetkeun dina hiji kasaéan engkin di yaumal Qiyamah. Amiin ya Alloh ya robbal ‘Alamin..

Teu hilap solawat sinareng salam ogé mugia sing dikocorkeun, dikucurkeun, di kécérkeun ka jungjunan urang sadayana anu pang nyongcolangna sa-alam dunya nyaéta Nabiyana Muhammad SAW. katut ka kulawargina, sohabatna tabi’in sareng tabi’atna tur dugi ka urang sadayana anu hadir dina ieu tempat mugi-mugi kenging syafa’atna engkin di yaumal Qiyamah. Amiin ya Alloh ya robbal ‘Alamin..

Para hadirin nu di Rahmatan ku Allah SWT..

Sateuacan simkuring ngabahas masalah anu aya patula-patali, pakuat-pakait dugika pajeujeutna jeng masalah nikah, mangga urang leuyeupan heula dauhan Alloh dina al-Qur’an anu unggelna :

وخلقنكم ازواجا

(Jeung geus nyiptakeun kami ka maranéh kabéh barina sa jodo-sajodo)

Tegésna mah aya langit aya bumi, aya beurang aya peuting, aya caang aya poék, aya jangkung aya pendék, aya mancung aya pésék, nya kitu deui aya lalaki aya awéwé. Intina mah Alloh nyiptakeun ka mahlukna téh pasang-pasangan, dua-duaan.

Malah mah lamun urang tela’ah, organ tubuh urang ogé namina téh dua-duaan. Anu pang handapna namina ku…ku.. naék kaluhur namina ping…ping, tatanggana ping-ping namina tit…tit naék deui ka luhur namina da…da…, tatanggana da-da namina su..su… luhureuna namina tak…tak… naék deui ka luhur namina pi…pi… tah ieu nu terahir (bari nunjuk kana tarang) namina nong…nong.. jadi atu tétéla pisan yén Alloh nyiptakeun makhlukna téh sajodo-sajodo, pasang-pasangan, dua-dua, dugi ka nami-namina.

Hadirin rohimakumulloh…!

Lamun urang ngabahas nikah minimalna bakal aya opat patarosan, nyaéta:

1. Naon ngaran nikah..?

2. Saha anu kudu nikah..?

3. Kasaha kudu nikah..?

4. Naon baé langkah-langkah saba’da nikah…?

Maka dina ieu pangaosan, ku simkuring dibagi jadi opat babak nu henteu bersambung..

Babak nu ka hiji : Naon ari ngaran nikah? jawab : Anu ngarana nikah téh mun ceuk bahasa santri mah ta’rif nikah mun ceuk nu sakola mah definisi nikah ieu di bagi dua :

1. Sacara Ethimologi (lughowi)

2. Sacara Terminologi (istilah)

Para hadirin sadayana.. Nikah sacara Lughowi tos ka uninga ku sadayana dina kitab-kitab fiqih nyaéta :

الاجتماع

(Kadar-kadar kumpul)

Ngaran nikah sacara istilah nyaéta : (فتح المعين : جلد ٣) Tapi saur pamuda mah nikah téh singkatan tina Nun (Ni’mat) Kaf (Karasa) Ha (Haneut). Jadi nikah téh singkatan tina ni’mat karasa haneut.

Tapi saur sepuhmah : Nun (Ni’mat)… kitu ogé ceunah… ceuk bapana budak. Da anu sing jarentul di dieu ogé hasilna tina nikmatna nikah, da niat mah lain nyieun anak tapi nyieun énak. Lereus teu?!”

Sakumaha ceuk Qo’idah :

نعمة الدنياثلاثة فلتعتبر * لمس وقبلة وادخال الذّكر

(Nikmat dunya sadayana aya tilu nyaéta, nyabak nyieun ngasupkeun anu ngabeuntelu “)

Tapi éta nikmat nikah téh ngan dua rebo, kadituna mah dedeieun. Saba’da ni’mat timbul nu kadua nyaéta Kaf (Karohah) hartosna pikangewaeun, pikasebeleun da ningali pamajikan reuseup sotéh keur pangantén anyar, ningali pamajikan téh jiga Shopia Laurent, jiga Lidia Kandau, jiga Krisdayanti.

Tapi lamun geus bereset budak tilu beulas mah, komo lamun ker gendut, ningali pamajikan jiga buntelan, keur pangantén anyar mah ningali pamajikan téh di teuteup ti hareup sieup, disawang titukang kenjang ditilik ti gigir leunggik, tapi geus bereset budak tilu belas mah béda deui bahasana.

Di teuteup ti hareup jiga keyeup, disawang ti tukang jiga hurang, ditilik ti gigir jiga langgir di ukur ti luhur jiga undur-undur, diragap tihandap jiga hap-hap, tah ieu anu disebut Karohah téh tegesna pikangewaeun.

Salajeungna timbul nu katilu nyaéta: (Ha) ieu mah aya dua alternatif. Lamun nyanghareupan Karohah lulus, maka (Ha) na téh hasanah teugeusna kaluarga anu Mawadah Warohmah tur Sakinah (keluarga anu didasaran ku cinta jeng kasih sayang).

Tapi lamun nyanghareupan Karophah hanteu lulus, mangka Ha-na téh Hazanah (kaluarga nu awét rajét) anu didasaran kurasa egois jeung emosi. Mudah-mudahan ieu pangantén sing kalebeut keluwarga anu Mawadah Warohmah. Amiiin…!

Para hadirin, nu simkuring dipikahormat.. Babak anu kadua, nyaéta saha anu kudu nikah téh? Waléranana pidawuh rosul :

“wahai para pemuda …sing saha jalma anu geus sanggup di antara anjeun kabéh kana méré nafkah (dzohir batin) mangka pék geura nikah”

Dina ieu hadist, rosul masihan terang ka para pemuda, anu geus asup masa puber. Mun ceuk bahasa indiana mah beuger, éta mah rek si fery, si frengki, si jacky, kecuali aki-aki, anu geus sanggup nganafkahan dzohir jeng batin tegesna mah geus bisa maraban biwir luhur jeung handap mangka pék geura narikah.

Atuh pemuda anu ngan saukur boga buuk gondrong nu gawéna ukur nongkrong, bujal bodong nu hobi nampang tapi jajan ngahutang, éta mah teu acan ka leubeut hadist rosul anu bieu nya…?!

Babak katilu nyaéta: Ka saha kudu nikah téh? Walérannana nyaéta pidawuh Allah dina Al-Qur’an.

فانكحوا ماطاب اكم

(Mangka kudu narikah maranéh kabéh ka nu di pikacinta ku maranéh kabéh)

Dina ieu ayat, Alloh maréntah nikah téh kanu di pikacinta lain kanu geulis, lamun Alloh maréntah nikah kanu geulis, maka awéwé anu peunteun 3 satengah keur saha? jeung lamun Alloh maréntah nikah kudu kanu kasép simkuring saha layanna?

Tapi kudu ku urang terang, anu di maksud kanu geulis didieu téh lain geulis ceuk si Mamat, anu di ukur ku syahwat, tapi geulis mungguh agamana nyaéta anu dan.. din.. dun.. (pinteur dan-dan) din (alus agamana) dun (alus dunyana).

Jadi lain anu anu dat.. dit.. dut.. (goréng adat) dit (pedit) dut (siga badut samutut bari jeung hitut) ngan éta anu dan.. din.. dun.. téh langka pisan di jaman kiwari mah, tapi euweuh-euweuh teing mah teu kudu hésé, nu penting mah bageur, pinter, beunghar, keun baé geulis ogé!

Babak anu ka opat nyaéta: Naon baé langkah-langkah saba’da nikah? waléran nana dawuaha Alloh dina Al-Qur’an :

وعا سروهنّ بامعروف

(Perlakukeun istri-istri maranéh kabéh kalawan hadé)

Tegesna mah salaki kudu bisa memperlakukeun istrina kalawan alus, atuh salaki téh kudu apal kana hak jeung kawajiban nana, anu mana kawajibanna téh ngan aya opat :

1. Ngimahan sing pageuh

2. Makéan anu weuteuh

3. Maraban sing nepi ka seubeuh

4. Ngéndongan sing nepika reuneuh

Nya kitu deui, Istri sing apal kana hak jeung kawajibanna. Anu mana kawajibanana téh sami aya opat diantarana nyaéta masak, diwedak, nangkarak, ngadengkak.

Tah insya Alloh, upami duanana tiasa ngalaksanakeun kana tugas jeung kawajibana, bakal ka wujud kaluarga anu Mawadah Warohmah tur Sakinah nyaéta kaluarga anu bahagia, kaluarga anu didasaran ku cinta sareng kasih sayang.

Cindekna mah ka cai jadi saleuwi, ka darat jadi salogak, ka cai daraek ngaji, ka darat daraek sholat. Se-ia se-kata, se-iring sejalan, runtut raut sauyunan dugika paketrok iteuk, malahmah dugi ka poé Qiyamah.

Para hadirin sakantenan…

Supaya ieu dua mempelai téh tetep renggenek dina sakinah Mawadah Warohmah, sim kuring pesen :

• Sing yakin, ieu jodo téh taqdir Alloh SWT, ti anyar pinanggih ti barang saratus dua puluh dinten, anjeun aya dina patuangan ibu ku Alloh parantos di pastikeun yén jodo jang.. (ngaran pangantén lalaki) bakal nikah ka neng… (Ngaran pangantén awéwé) Sing yakin dina haté supaya urang bisa tumarima kana kapastian Alloh.

• Kudu husnudzon (hadé sangka ka Alloh), malah mah ku jodo nu ieu, urang bakal pinanggih jeung kabagjaan hirup, ku jodo anu ieu urang bakal nyieun wasilah pikeun ngahontal Mardlotillah.

• Ieu aqad tikah téh sing jadi pertikahan anu pertama jeung anu terakhir, tegesna panungtungan mangsa bobogohan, ti kawit ayeuna anjeun dua’an lebet kana alam rimbitan, alam rumah tangga anu dibengkeut ku SSTB (Surat Tanda Tamat Bobogohan) sa ba’da nikah mah kudu bogoh enya’an.

• Ku aqad tikah, indung bapa urang jadi nambahan nyaéta mitoha, dulur, lanceuk, adi, jeung anu liana.

• Ku aqad tikah ogé ngajadikeun sarana pikeun ibadah ka Alloh, ngabakti ka Alloh Ta’ala.

Para hadirin sakantenan, nu ku simkuring pihormat..

Rupina cekap sakitu baé cariosan ti simkuring, kirang langkungna mah nyuhukeun dihapunteun, bobot sapanon carang sa pakan sasieureun sabeunyeuren.

Mugi-mugi dina khutbah basa sunda ieu aya mangpaatna ka urang sadaya, anu terakhir ieu pangantén urang du’a keun ku sadayana supaya “Sakinah Mawaddah Wa Rahmah”. Amin..!

Wassalamualaikum wr, wb.

coming soon….

[ CONTOH 5 ]

Pidato Bahasa Sunda Sambutan Kepada Para Tamu Pada Pesta Pernikahan Kekinian

Assalamualaikum Wr Wb

Alhamdulillahi rabbil’alamin wash shalatu wasalamu ‘ ala asyrafil anbiyaa i wal mursalin wa ala alihi

washahbihi ajma’in.

Langkung tipayun simkuring manjatkeun puji syukur ka Dzat Allah SWT .Kalayan kudrat sareng Iradat

Anjeunna dina dinten anu bagja ieu simkuring sakeluarga tiasa patepung lawung patepang wajah

sareng bapa-bapa , ibu-ibu saderek sadaya kanggo nyaosan uleman simkuring dina raraga upacara

pernikahan pun anak ………………………..ka……………………………………

Simkuring sakulawarga ngaaos bingah nu taya hinggana ka para hadirin sadaya kalayan pinuh

perhatosan sareng maparin do’a restuna dina upacara pernikahan pun anak ieu.

Teu hilap sim kuring sakulawarga ngahaturkeun nuhun ka para wargi sadaya . Nu mudah-mudahan ka

sumpingna para wargi sadaya kadieu janten marga lantaran kahontalan kabagjaan hirup khususna ka

pun anak anu ditikahkeun umumna kanggo urang sadaya dina mangsa nu bade dongkap .

Akhirna simkuring neda pidu’a ti para ibu , para bapa sareng saderek sadayana, mudah-mudahan

panganten anu nembe jatuk rami sing dipaparin kajembaran hirupna , parek rezeki jauh tina balaina

sarta sing dipaparinan turunan anu sae , anu sholeh anu kersa kumawula kanu janten ibu ramana ,

ibadah ka Pangeran Nu Maha Kawasa . 

Aamiin ya Allah ya Rabbal ‘ Alamin

Wassalamualaikum Wr Wb

[ CONTOH 6 ]

coming soon….

[ CONTOH 7 ]

coming soon….

[ CONTOH 8 ]

coming soon….

[ CONTOH 9 ]

coming soon….

[ CONTOH 10 ]

coming soon….

Demikian artikel yang dapat kami berikan tentang ” 10 Contoh Pidato Bahasa Sunda tentang Pernikahan “. Semoga bermanfaat dan semoga bisa menjadi bahan persiapan kalian sebelum berpidato.

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *